Aya jurig sisi balong

Jero dua taun kuring masantren, ngan harita kungsi aya kajadian ribut anu pohara mah. Demi nu jadi riributan, taya lian lantaran heureuy Si Usup jeung Si Umar. Disebut heureuy, da lain ieu mah. Si Umar jeung Si Usup teh deukeut-deukeut “nguji” ka Mang udin, “asisten” Ajengan anu pohara galakna.

Moal poho, kakara tanggal lima bulan puasa harita teh. Nu matak moal poho teh da kuring ge kakara datang (deui) ti lembur. Ngadon puasa meunang opat poe di lembur, kalima poena balik deui ka pasantren.

Kungsi ku kuring dicaritakeun, yen ari bulan puasa mah Ajengan sok ngawurukna teh bada lohor. Poe eta Ajengan teu ngawuruk ngaji seperti biasa, tapi ngadongeng perkara angungna bulan puasa. “Ari bulan puasa eta rajana bulan.-Assiyamu sayyidul Asyhar,” saurna. Kuagung-agungna, nepi ka Alloh ta’ala nyangkalak sakabeh syetan sangkan heunteu liar di alam dunya. Mangke dimana takbir Lebaran keur rame diucapkeun ku kaom muslimin, kakara eta syetan-syetan teh dileupaskeun deui ku Alloh ta’ala. Dina bulan puasa teh malaikat-malaikat ngahormat ku jalan nyambuangkeun wawangen di alam kubur. Kabeh siksa kubur dibebaskeun.

Ari Ajengan keur nyarita kitu, Si Usup keur heureuy jeung Si Umar. Duka heureuy naon, da kuring mah dijuru diuk teh. Nyarande ngarah bari nundutan.

Na atuh ari gantawang teh Si Usup jeung Si Umar dicarekan laklak dasar. Lain… lain ku Ajengan. Ku Mang Udin ieu mah nu kabeneran nangenan. Nepi ka Ajengan ku anjeun bangun reuwas ngadangu Mang Udin nyentak kitu teh. Tah, barang geus kitu mah Ajengan oge bari mengkol sasauranana te kana nyarekan eta budak.

Ku kuring oge dikobong dinaha-naha Si Umar teh. Ari pokna, “Da demi Alloh, ana mah heuntu heureuy. Si Usup noel, mimitina mah nuduhkeun Mang Udin keur nundutan.

Kabeuneuran barang Si Usup seuri, barang Mang Udin beunta. Eta mah Man Udinna nu pupujieun. Padahal manehna anu nundutan”.

Duka, kuring ge teu terang kumaha babadamianana Si Usup jeung Si Umar dina rek “males nyerina” ka Mang udin.katembong ari keur pating-kucuwesna mah.

Sorena basa kuring keur ngabuburit ka deukeut sawah, katembong Si Umar hareupeun imah Nyi Juariah. Nyi Juariah nolol tina jandela. Si Umar teuing nyaritakeun naon, da leungeunna pepeta. Nyi Juariah katembong gigideug. Kuring panasaran, api-api rek balik, ngadeukeutan nu keur ngobrol. Handeueul, da kakara ge kuring tepi ka pipirna, Si Umar geus anggeus manten ngobrolna. Ngan kungsi kadenge omongan Nyi Juariah nu panungtungan, “…tapi awas lamun kotor, jeung bada tadarus kudu dipulangkeun deui…,”cenah.

Basa keur buka, taya kajadian nanaon. Tapi Mang Udin tetep goreng budi ka nu duaan. Atuh Si Usup jeung Si Umar henteu seuseurian siga biasana ari keur buka teh.

Bada taraweh kuring buru-buru balik ka kobong. Heunteu milu tadarus, inget kana kolek sampeu meunang Si Atok. Batur taraweh, Si Atok mah ngolek sampeu di kobong.

Basa kolek geus rek beak, kadenge barudak ting garandeng baralik tadarus. Atuh ribut menta kolek. Tah keur kitu, keur ribut dalahar kolek, na atuh ari gorowok teh aya nu ngagorowok. Tetela aya nu gogorowokan. Kadenge aya nu lumpat di buruan, geus kitu gabrug aya nu nubruk panto. Bru Mang Udin nangkuban, ngahegak. Allahi Robi. Kapan biasana santri-santri mah, ari solat tara make calana da bisi kotor. Kitu deui mun katajug, make sarung teh tara make calana deui di jerona. Kitu deui Mang Udin harita oge. Teu make calana. Bakat ku reuwas lumpat, sarung na morosot… teuing ragrag dimana. Atuh basa nangkuban teh ngan make baju kampret whungkul. Hadena labuhna nangkuban. Jadi heunteu orat pisan.

Saeunggeus pada nginuman, Mang Udin eling deui. Pokna, “… ana keur leumpang sorangan, lebah handapeun tangkal klewih sisi balong aya nu ngablegedeg bodas. Tetela jurig….. jurig….. tetela pisan…”, pokna.

Umumna ari santri mah sok borangan. Da harita ge barang tamat mang Udin nyarita, santri-santri teh ting rarengkol disarimbut. Malah loba nu teu wani sare sorangan dina tempatna. Milu jeung baturna kajeun pasedek-sedek. Kuring ge mun teu inget ka Si Atok keur budug mah, kana nangkod ka Si Atok sare teh.

Geus sarimpe kadenge Si Usup jeung Si Umar daratang. Si Umar pindah sarena oge ka tempat Si Usup (teu jauh ti tempat kuring). Kuring ge curiga, barang ngadenge eta dua umat ting cikikik saleuseurian teh.

Aya kabeuneuran. Isukna, kuring keur aya didapur bumi Ajengan, katenjo aya Si Umar jeung Si Usup ngadeuheusan ka Ajengan. Kadenge Si Umar nyarita, yen peuting tadi manehna tas nyingsieunan Mang Udin make mukena Nyi Juriah. Panjang nyaritana da make nyatut kasauran Ajengan sagala rupa, perkara sakabeh syetan jeung jurig dicangkalak tea dina bulan puasa mah. Kadenge Ajengan nyakakak gumujeng.

Barang keur ngaji, Mang Udin bebeja yen aya jurig…. Na atuh ari gantawang teh Mang Udin dicarekan, “Udin… anta teh murid ana nu pang kolotna. Naha anta teu percaya, yen dina bulan puasa moal aya jurig…”.

Panjang nyeuseulanana Ajengan teh, malah make mamawa kana ajian sagala rupa.
Lamun Mang Udin keur euweuh, soal lulucon eta teh sok jadi bahan eak-eakan. Ku si Atok saterusna Mang Udin teh dilandi “jurig teu dicalana”. Teu galak teuing haritamah eta murid kadeuheus Ajengan teh.
Continue reading Aya jurig sisi balong