Amil Sarakah

Kacaritakeun di jaman baheula aya hiji kaluarga anu kacida miskinna, urang sebatkeun bae eta kaluarga teh hiji Aki-aki sareung Nini alias salaki jeung pamajikan. Ari si Aki namina teh Ki Juher ari Nini nini na, Nini Kasni. Eta si Aki sareng Nini teh ngagaduhan putra seueurna tujuh jalmi sadaya pameugeut. Pala putrana mah tos rarumah tangga, masing-masing ngagaduhan tanggung jawab kaluarga masing-masing. Ku kasibukannana eta para putrana si Aki sareng si Nini teh tara aya silahturahmi/amengan, ngalongokan ka eta si Aki sareng si Nini, boro-boro di poe biasa najan di poe nu kacida hadena oge atanapi di waktos lebar oge tara aya darongkap para putrana teh.

Dina hiji waktos si Aki teh ngarasa di teung-teuingan ku anak-anakna, pedah si Aki teh hiji kolot anu malarat rosa kokoro nyoso sepi tina harti hampa tina harta teu aya pangajen panghargaan ti nu jadi anak-anak. Si Aki nalangsa ...... sedih anu teu aya wates wangenna ...... tapi teu lila si Aki nyumarita ka si nini, ceuk si Aki ...... nini isukan nini mangkat ka imah si cikal titah ka urang tunda heula perjalanan si Nini nu nuju ka anak cikal, urang caritakeun si Aki nu aya di imah, manehna nyieun hiji kamar anu rapih, buni tur di hade-hade, di eta kamar teh diteundeunan gentong anu kacida gedena dihias, di rarapih, di tutup ku lawon bodas, panto kamar di konci ku konci nu hade.

Teu lila si Nini geus datang dua an jeung si cikal. Aki yeuh si cikal geus datang, yap kadi anaking abah aya pi caritakeun ka hideup, yeuh di jero kamar, anak na tuluy nyamperkeun ka jero kamar, bari olohok mata peda kaget yen di kamar teh kacida rapihna, aya parakuyan, aya kekembangan jeung sapuratina, tempat naon ieu teh bah? His montong loba ngomong, dengekeun si ajrih abah rek wasiat ka anjeun, sabab anjeun teh anak cikal nu wajib nanggung jawab sagalana dimana abah geus maot, jeung abah kacida nyaahna ka hideup teh di banding-banding keun jeung dulur-dulur hideup abah nyaah pisan ka anjeun, yeuh dengekeun .......... dimana abah maot, ieu gentong teh eusina emas hasil abah bubuara jaman lengoh, tah ieu eusi emas teh keur hidep. Dulur-dulur maneh hiji oge ulah aya nu di bere. Abah nyarita ka anjeun wungkul, anak pamajikan anjeun ge ulah di bejaan, ngan ieu gentong teh di bukana kudu geus tujuh poe abah maot. Kade ieu amanat teh kudu di esotkeun pisan ku anjeun, sakitu amanat wasiat ti abah. Si cikal ceurik dina lahunan si Aki, ceurikna bungah atoh da hak waris tunggal ti abahna .......... rengse nyarita si cikal tuluy pamitan ........ bari rengkuh hormat ka si Aki jeung si Nini.

Poe na deui si Aki nitah ka si Nini neang anak nu kadua, kitu deui si Aki nyarita ka anak nu kadua sarua jeung ka anak ka hiji.
Teras isukna deui Nini neang deui ka anak nu katilu jeung saterusna nepi ka anak nu ka tujuh alias si bungsu.

Ti sabarang harita sabada di panggilan ku si Aki, anak-anakna teh meh unggal bulan daratang anjang sono bari jeung barang bawa, komo si bungsu mah meh unggal minggu ngirim kadaharan kopieun jeung seuseupeun ka si Aki teh, komo waktos lebar mah meh anak-anak na teh jiga nu lomba pa alus-alus, pa loba-loba barang bere ka si Aki jeung si Nini.

Tilu taun ti hari anak-anakna nimbulkeun rasa kanyaah rasa kadeudeuh ka si Aki jeung si Nini, si Aki jeung si Nini teu ngarasa susah dina sagala rupa da di dandang ku anak-anak na. Cunduk kana waktu ninggang kana mangsa, si di pundut ku gusti nu maha kawasa. Maot ngarana.

Sadaya pala putrana kumpul ngariung di sadugna nepi ka tujuhna, saban wengi tarahlil, ngarajikeun ............... beurang nepi ka peutingna nu ka tujuh panganggeusan tahlil sareng ngajikeun di makam ........... isukna bubar beberes sadaya lata pakakas parabotan imah, dapur jeung beberesih halaman, kira-kira wanci pecat sawed, si cikal teh nanya ka adi-adina naha maneh moal baralik ka imah masing-masing? Da akang mah rek nguruskeun emak (si Nini) da Abah wasiat ka akang kudu nguruskeun emak. Padahal ngomong kitu soteh si cikal ka dulur-dulurna supaya geura baralik sabab rek muka wasiat abah. Saur anak nu kadua, ka tilu nepi ka lima sarua jawabna abah wasiat ka uwing oge kitu, torojol nu bungsu datang di tengah imah nyampeurkeun ka tepas, barita nyarita yeuh dulur-dulur sakabeh, abah teh ka uwing malah di saksian ku emak, ngamanatkeun sagala harta banda abah jeung emak ka uwing jeung emak kudu nuturkeun uwing sabab uwing teh ceuk abah anak nu pang bageurna. Bisi teu percaya pek tanyakeun ka emak. Gorowok si cikal ngomong montong ngawadul sia ................... !!! ma kadieu ............ bener abah ngomong kitu ka si bungsu teh kitu ................ bener cikal ............. ngahuleng si cikal ............... bari jamotrot.

Tuluy ceuk anak nu tilu yeuh ayeuna mah urang terbuka, da meureun urang teh meunang wasiat kabeh di abah, coba urang musyawarah ............. nya pendapat eta teh di sepakati ku sarerea, masing-masing kudu nyaritakeun wasiat abah di mimiti anak nu cikal nepi ka bungsu eta wasiat teh sarua. Nya mun kitu mah urang buka bae eta gentong teh, ngan da akang anak pang kolotna bagiana ge kudu pang lobana, ari si bungsu ngagorowok teu adil akang mah rugi uwing anak ka tujuh meureun pang saeutikna .............. deur, ribut paloba loba omong, paham, ceuk ieu kitu ceuk nu hiji kieu ........ wah nepi ka ribut blogblag ........ keur ribut kitu si Nini ngomong, kieu atuh anaking ulah ribut, nya urang neang kodi ......... naon arti kodi teh?? Ari kodi teh tukang ngahukuman, tukang ngatur harta warisan, ceuk anak-anak na reang satujuuuuuuuuuuuuuuuu mak.............
Teang jung lebe alias amil
Teu lila amil datang uluk salam............ di jawab ku pala putrana bari pinuh kagumbiraan, Amil nanya ka pala putrana si Aki, aya naonnu matak neang kuring teh? ........
Si cikal nyarita ngabeberkeun perkara masalah wasiat abahna, yen abah teh wasiat ka sakabeh anak-anak na, nya ka kuring sarerea .............. yen abah boga Emas sagentong tah supaya ulah parebut anak-anak na abah pek pang bagikeun ku Amil sing adil............
Huleung amil ngaraga meuneung ........... neangan cara tarekah akal kuya bulusna supaya aing kabagean pang lobana ..........
Teu lila lebe alias amil tea nyarita ka anak-anak na si Aki, yeuh ... kupingkeun ku aranjeun sadayana, sabab anjeun kabeh geus masrahkeun ka kami kudu ngabagikeun nu adil, aya ku kuring rek dilaksanakeun, tapi anjeun teu meunang protes kudu ngawaro kana kaputusan kami ..... jawab anak-anak na si aki bari reang satujuuuuuuuuuuu ....... !!!
Pek mun satuju mah coba gentong teh bawa ka dieu, nya gentong teh di garotong ku anak-anak na bari aduregeng ...... tah pa amil mangga nyanggakeun ............ coba neangan tambang .......... aya mangga nyanggakeun ............... kerewek tambang teh di talikeun kana beuheung gentong ......... coba naek ka para salah saurang ............. anak ka opat naek ........... tah tambang belitkeun kana darurung para ambaykeun tambangna .......... gewat geura turun ............. coba tarik ieu tambang teh supaya gentongna ngagantung ....... derekdek, gentong di geus naek aya di luhur para ......... talikeun tambangna sing pageuh, sa enggeusna gentong ngagantung di luhur, tuluy pa lebe atawa amil tea titah neangan areng atawa apu ......... teu lila amil teh nyieun lingkaran ku areng di guliwengkeun ............ tah aranjeun kabeh ngariung nguliling ............. sing rapih, pa amil di tengah lingkaran aranjeun di luar lingkaran meh adil ......... mangga pa lebe ........ ieu gentong ku pa lebe alias pa amil rek di tonjok ........... mun emas nu aya di jero lingkaran eta bagian pa amil ............ mun nu di luar lingkaran eta bagian aranjeun kabeh pek pa bisa-bisa bae, siap pa amil kuring sadayana satuju pisan ......... teu lila pa amil ngadeug anak-anak na si Aki oge geus siap-siap ngadeug rek pa pinter-pinter mulungan emas. Siap ... siap ... ceuk pa amil hiji ... dua ... tilu ... gebro gentong di tonjok buru eusi gentong kaluar ..... ninggang kana sirah pa amil kabehhhhh ............. amil ngagorowok bari beubeukis,
Ooooooooooooooooooooooooooooooooo, ooooooooooooooooo ....... utah ugeur .....
Da eusi gentong teh mana horeng tai .......
Ha,ha,ha......he,he,he..... wkwkkwkwkkwkw..........
Sakitu carita dongeng amil sarakah, hampura ieu mah ngan ukur dongeng ................



Continue reading Amil Sarakah